ARTIKEL

Wali Kota jeung Wakil Wali Kota Anyar

×

Wali Kota jeung Wakil Wali Kota Anyar

Sebarkan artikel ini
Kang Warsa

Hiji wewengkon moal cukup diwangun ku saha baé ogé nalika masih kénéh dieusi ku padungdengan, rarécét, komo nepi ka paraséa marebutkeun paisan kosong. Malahan aya hiji hal anu bisa disebut hadé pisan lamun sikep politis henteu minuhan teuing kahayang masing-masing golongan.

Bener, Wali kota jeung wakil wali kota mangrupa jabatan politis, tapi nalika geus jumeneng mah pasualan politis geus waktuna kudu diécagkeun hela sangkan tujuan utama ngawangun ieu kota nepi jeung kahontal.

Bank bjb Tandamata

Henteu kungsi nunggu kana sababaraha jam, réngsé diistrénan, Pa Ayep biantara dina rapat paripurna DPRD, cindekna kieu: pancén ka hareup lain lumayan, henteu bisa disanghareupan ku émprak saukur ngandelkeun sabeulah leungeun, kabéh anasir boga tanggungjawab dina nguatkeun tihang papancang ieu kota sangkan ngawujud jadi kota anu bener-bener kuat dina sagala rupa hal.

Kota Sukabumi kudu diwangun ku tali duduluran, lain ku megarkeun pacogrégan tapi silih rojong. Cocog pisan jeung anu diucapkeun ku karuhun urang: ulah pagiri-giri calik jeung pagirang-girang tampian dina ngamajukeun hiji hal tapi urang téh kudu nyaluyukeun diri jeung kaayaan.

Kusabab Pa Ayep jeung Kang Bobby miboga tagline: Ayeuna Waktuna, mangka nata jeung ngawangun Kota Sukabumi Anyar teu bisa diengké-engké. Ceuk barudak millenial mah: kudu digaskeun. Ngan tetep wé kudu dibarengan ku rasionalitas, kudu kahontal ku akal, kaharti ku pikir. **