Miéling Basa Indung: Ulah Éra Nyarita Ku Basa Sunda

kang-warsa

Ku: Kang Warsa

Poé Basa Indung ditetepkeun ku UNESCO dipiéling tiap tanggal 21 Februari. Salaku salah sahiji lembaga PBB anu museurkeun diri kana, salah sahijina, pasualan budaya (culture), UNESCO mémang sakuduna numuwuhkeun sumanget ka nagara-nagara anu aya di sakuliah dunya sangkan ngamumulé Basa Indung di nagarana séwang-séwangan.

Bacaan Lainnya

Ngamumulé salah sahiji unsur budaya nyaéta Basa Indung mémang lain perkara gampang. Tangtu baé merelukeun tarékah malahan cara anu jitu sangkan Basa Indung, salaku indungna basa jeung éntitas basa nasional digunakeun dina paguneman sapopoé ku masyarakat. Sok komo lamun udaganna generasi milénial, tarékah jeung stratégina ogé kudu nyurup jeung alam pikir ieu generasi.

Sanajan dina prakna cumarita ku Basa Sunda di Tatar Sunda masih can nyurup jeung undak-usuk basa, saheunteuna, masyarakat masih daék ngagunakeun basana sorangan. Dina raraga ngamumulé Basa Sunda minangka Basa Indung di Tatar Sunda, gramatika jeung undak-usuk basa mémang sakuduna diwanohkeun ka masyarakat ngan lain tujuan. Hal penting dina raraga ngamumulé Basa Sunda, salah sahijina, kudu dimimitian ku sikep nyieuhkeun kaéra nalika nyarita ku Basa Sunda.

Aya dua hal anu kaalaman ku masyarakat Sunda nalika cumarita ku Basa Sunda, utamana dina calagara-calagara resmi. Kahiji, éra kusabab aya anggapan masih can merenah undak-usuk basa dina cumarita, biantara, jeung paguneman. Kadua, ieu mah anu kaalaman ku generasi milénial, aya anggapan Basa Sunda mangrupa basa kadua sanggeus basa nasional. Aya anu leuwih dipikapaur sok sanajan kontéksna heureuy, Basa Sunda dianggap basa kampungan, basa pasisian, jeung jauh ka kota.

Dina prakna cumarita arék ngagunakeun basa naon ogé, hal paling utama nyaéta logis jeung kahartina jejer carita. Heunteu gumantung teuing kana undak-usuk basa. Lain hartina undak-usuk basa henteu penting, keur ngamimitian sangkan urang Sunda henteu éra nyarita ku Basa Sunda mémang sakuduna dimimitian hela ku daék ngagunakeun basana sorangan. Lain saukur dina cumarita ogé kudu diprakkeun dina seratan, umpamana nyerat status dina média sosial.

Tingkatan Basa

Basa anu digunakeun ku masyarakat Nusantara mémang miboga tingkatan sabab anu kentel jeung sagulung-sagalang jeung masayarakat urang nyaéta norma susila jeung étika. Tingkatan basa digunakeun keur ngukur kelas sosial jeung atikan anu ditampa ku jalma. Ngan lamun ngukurna ku atikan mah tangtu baé tingkatan basa ngan kabagi kana dua; basa resmi jeung basa loma (sapopoé).

Digunakeun tingkatan basa di masyarakat féodal ogé kudu disungsi jeung ditalungtik deui kalawan daria sabab tumuwuh jeung dinamika basa kacida gedé dipangaruhan ku ngangsregna jaman. Conto leutik, dina tingkatan basa lemes (handap asor) di wewengkon beulah wétan disebut basa kromo inggil, basa lemes biasana digunakeun di karaton. Sabenerna lain basa anu biasa digunakeun ku kaum ménak tapi mangrupa basa anu biasa digunakeun ku cacah ka ménak. Kadieunakeun digunakeun ku sahandapeun ka saluhureun.

Papada ménak atawa ti kaum ménak ka sahandapeun (abdi dalem jeung masyarakat biasa), tangtu baé basa anu digunakeun nyaéta basa garihal jeung loma. Kiwari dipaké dina kahirupan sapopoé ku masyarakat urang dina wangun basa loma jeung garihal.

Dina basa lemes atawa kekecapan handap asor kaciri pisan kecap-kecap anu digunakeun nuduhkeun hubungan vertikal ti handap ka luhur. Kecap abdi jeung kula mangrupa cognate atawa turunan tina abdi (hamba) jeung kula (kaula, rahayat biasa). Tingkatan basa anu diwatesan ku kelas atawa tingkatan sosial samodél kieu bisa jadi hahalang generasi milénial dina nyarita ku Basa Sunda, éra sieun salah jeung sieun disebut garihal, sok komo nalika diucapkeun dina calagara resmi.

Basa anu geus ngamasyarakat di urang geus sakuduna mangrupa basa-basa loma anu teu diwatesan ku tingkatan basa, sebut baé basa sedeng, garihal teuing henteu, sopan teuing ogé henteu. Ku cara kitu, masyarakat di urang bakal leuwih jembar jeung moal kararagok cumarita ku Basa Sunda. Basa lemes prakna dimimitian ti lingkungan kulawarga hela

Basa garihal

Basa garihal atawa kasar geus jadi basa sapopoé anu dipaké ku generasi milénial. Digunakeun kumaha kontéks, ngan tangtu dipeunteun salaku basa anu teu sakuduna diucapkeun. Kecap anjing, babi, monyét, jeung ngaran sato séjénna geus jadi lalawuh cumarita sapopoé. Sarkasme geus henteu manggihan deui tempat anu cocog.

Biasana kecap-kecap garihal tadi digunakeun nalika ngambek, mudalkeun kakeuheul, kiwari diucapkeun dina kaayaan naon baé. Kusabab salah sahiji sifat basa nyaéta dinamis, antukna kecap “anjing” robah harti tina ngaran sato jadi kecap “artikel”. Nalika aya budak ngomong, “Arék kamana, jing?”, kecap “jing” bisa dibéré harti jadi kecap keur ngaraketkeun sosobatan. Anu disebut anjing ogé, anéhna, henteu ngambek, malahan males ku ngomong, “ Arék sakola, nyét!”

Ngan sabolostrong-bolostrongna ogé barudak di urang, keukeuh baé nalika ngomong ka saluhureun jeung ka indung bapa mah bakal mikir sarébu kali ngedalkeun basa garihal. Tingkatan basa mémang geus kentel sagulung-sagalang jeung kahirupan masyarakat Sunda.

Sakola tangtu boga pancén beurat keur ngatik barudak dina mekarkeun deui basa anu loyog jeung kahirupan di masyarakat sorangan. Basa Sunda geus sakuduna diwanohkeun deui ka para pamilon atikan, lain alakadarna, tapi kudu daria diajarkeun. Ngan asa pamohalan, urang Sunda anu cicing di Tatar Sunda teu bisa nyarita sakecap-kecap acan ku Basa Sunda.

Miéling Basa Indung

Kapaur dina hiji mangsa Basa Indung bakal tumpur ludes mémang teu didasaran ku panalungtikeun. Ngan saukur kapaur. Buktina mah, basa di ieu wewengkon tetep digunakeun dina paguneman jeung wangkongan sapopoé. Basa Indung ogé beuki jembar kusabab pangaruh akulturasi jeung asimilasi dina widang basa. Lain hal anéh, basa Sunda kiwari dipinuhan ku kecap-kecap serepan tina basa deungeun sangkan ditarima kalawan éféktif ku papada. Jadi, basa jeung kecap-kecap ti bangsa deungeun henteu kudu dipapaksa sangkan nyurup jeung Basa Indung. Hal anu sakuduna dilakonan nyaéta ngamumulé Basa Indung jeung ngawanohkeun ka bangsa deungeun.

Dina raraga miéling Basa Indung, pamaréntah medalkeun ajakan sangkan Basa Sunda bener-bener dijadikeun basa sapopoé jeung panganteur dina calagara resmi. Jalma anu kasebut budayawan Sunda jeung anu mikareueus kana kasundaan geus sakuduna jadi lulugu catur dina rupaning calagara ngamumulé Basa Sunda.

Pancén anu kawilang beurat disanghareupan ku para akademisi kasundaan nyaéta ngaguar jeung ngoréhan deui kecap-kecap anu kawilang jarang digunakeun deui ku masyarakat Sunda. Bakal mekar jeung jembarna basa buhun dipangaruhan ku unsur budaya séjénna. Barudak moal wanoh kana téténong, pabéasan, boboko, jeung aseupan nalika usukan-asakan kadaharan geus ninggalkeun cara anu geus diluluguan ku karuhun urang. Tangtu baé, méjikom jeung dispénser leuwih dipikawanoh ku barudak tibatan hawu jeung sééng. Hartina, ngamumulé Basa Sunda minangka Basa Indung merelukeun pangrojong anu sifatna holistik, sabundel jeung kudu dimumuléna unsur-unsur budaya Sunda anu séjén. (*)

Pos terkait

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *