Home / RUBRIK / ARTIKEL / OPINI PEMBACA / AH… PIRAKU, WA?
Kang Warsa sareng Caca Danuwidjaya Guru Basa Sunda MTs Riyadlul Jannah & SMAN 3 Kota Sukabumi

AH… PIRAKU, WA?

Kang Warsa sareng Caca Danuwidjaya Guru Basa Sunda MTs Riyadlul Jannah & SMAN 3 Kota Sukabumi

Kang Warsa sareng Caca Danuwidjaya
Guru Basa Sunda MTs Riyadlul Jannah & SMAN 3 Kota Sukabumi

KALIMAH anu keur usum atawa ngetrénd dina mangsa ayeuna nyaéta: “Ah, piraku.. Wa?” Lain uwa sabenerna, tapi uwa deungeun, malah keur heureuy mah sok ditambahan uwa téré. Teuing kumaha asalna, anu jelas kalimah ieu asa genah diucapkeun ka batur komo dipaké heureuy mah.

Lamun dina paguneman aya jalma anu ngomong: “ Duh, asa beuki seuseut duit téh!” Geus pasti ditémbalan ku anu jadi baturna ku kalimah, “ Ah.. piraku, Wa?” atawa “ Ah, anu bener, Wa?”

Ti mangsa ka mangsa atawa jaman ka jaman, mémang dieusi ku kecap atawa kalimah-kalimah anu sifatna popular saharitaeun. Dina mimiti asup mangsa réformasi, urang sok ngadéngé barudak ngomong kieu: “ Ih, duka nya teu nyedott!”. Kadéngéna ogé mémang mérénah keur dipaké heureuy mah ngan sakapeung sok pikeuheulan nalika méré pananya seurieus siga: “ Arék kamana, Jang?” dijawab, “ Kadieu yeuhhh!”
Hartina, kecap-kecap mémang ngalaman anu ngaranna ngalegaan ma’na. Kecap uwa dina mangsa ka tukang mah sebutan keur lanceuk bapa pituin. Ayeuna mah éta kecap bisa disebutkeun ka saha baé, biasana dipaké keur nyebut jalma anu geus rada kolot atawa dipikolot. Dina kontéks keur heureuy mah ditibankeun ka jalma anu geus manjing umur tapi can pernah kawin.

Basa anu digunakeun di hiji wewengkon mangrupa ciri utama budaya séké-sélér. Ari ku pakéan jeung atribut-atribut séjén saperti pangsi jeung iket mah saha baé ogé bisa nyaru jadi urang Sunda. Ku basa mah moal bisa dibobodo.

Anu matak dina salah sahiji gempungan anu diluluguan ku Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kota Sukabumi sababaraha bulan ka tukang, kuring ngaluarkeun kamandang: teu kudu jauh-jauh mencrong ka mangsa teuing iraha keur nganyahokeun naon budaya Sunda anu sabenerna, ténjo baé anasir budaya anu aya , salah sahijina basa anu digunakeun sapopoé.

Ngaranna ogé budaya, geus pasti dipangaruhan ku naon anu aya jeung keur usum di hiji wewengkon. Tina basajan kana kompléks, tina linear kana ngarancabang, ka dieunakeun mah jadi loba harti atawa ngalegaan. Ngan henteu saeutik ogé loba kecap-kecap anu dina mangsa ka tukang mindeng digunakeun dina danget ieu geus jarang dipaké, biasana nyurup jeung beuki leungitna pakakas naon anu dipaké dina hiji mangsa.

Umpamana kecap: parako, para seuneu, jeung ngarih. Nepi ka taun 90-an katompérnakeun mah barudak dina mangsa harita apal pisan naon anu disebut ngarih. Hal éta dilantarankeun ku masih dipakéna sistim ngasakan sangu ku cara tradisional, ti mimiti béas, diisikan, diasakan nepi ka jadi gigih, terus diarih. Geus pasti, barudak kiwari moal apal naon anu disebut ‘ngarih’? Da ngasakan sangu ayeuna mah geus kacida praktis pisan. Henteu perlu suluh anu ditunda dina para seuneu, teu kudu ngagigihan heula, sumawona diarih mah.

Kalimah “Ah, piraku..Wa?” henteu leupas tina pangaruh kaayaan sosio-cultural ayeuna. Jalma geus dipinuhan ku rupaning pananya jeung pasualan dina nyanghareupan hirup. Bralna pasualan ieu ngabalukarkeun monolog-ékspresif dina diri jalma ayeuna, antara héran, hemeng, jeung naon anu kudu dipilampah. Sok sanajan éta kalimah ngan saukur dipaké heureuy angger baé bralna ucapan: “Ah, Piraku.. Wa?” dilantarankeun ku kaayaan sosio-cultural anu keur usum atawa ngetrénd dina mangsa ayeuna.

Kamekaran basa dimana ogé, tangtu mamawa basa lianna anu aya di sabudeureun eta basa. Conto leutik anu katangen dina kalimah dialog hirup kumbuh. “HP” hand phone jajauheun diganti ku kecap telepon kepel. Artina basa sumarambah dina sosio culture. Sabab basa pisan anu mibanda pokal nyaluyukeun tumaninahna hiji budaya. Ku basa pisan, urang bisa mikanyaho kamekaran peradaban manusa saalam dunya.

Naon anu teu bisa ku basa?. Dina paribasa Sunda aya kalimah kieu, “alus ku basa, goréng ku basa”. Dina tradisi kasantunan geus nalembrak, yén basa cicing dina posisi anu penting pikeun nepikeun maksud, ngudal udagan, jeung mangaruhan batur supaya saluyu kana kahayang anu nepikeun basa.

About admin

x

Check Also

DAYA SAING SEBAGAI KUNCI EKSISTENSI DALAM GLOBALISASI

Pembangunan merupakan proses dan upaya untuk mewujudkan sesuatu yang lebih baik sesuai ...